Jumat, 28 Oktober 2011

Id Fitri

KHUTBAH IEDUL FITRI

MASJID JAMIE AL- ISHLAH TAHUN 2007/ 1428


 


 


 


 


 


 


 


 


 


 


 


 


 


 


 


 


 


 


 


 


 


 

ALLAHU AKBAR – ALLAHU AKBAR – ALAHU AKBAR


 

Para hadirin kaum muslimin anu mulya

    Alhamdulillah urang sadayana syukur ka Allah SWT, kumargi urang kaum muslimin dina dinten ieu parantos salse ngalaksanakeun kawajiban nyaeta PUASA dina bulan Ramadhan. Mudah – mudahan ibadah puasa urang, taraweh urang, tadarus urang, zakat urang, jeng ibadah – ibadah nu sejenna sing ditarima ku Allaoh SWT. Amiin.

Para hadirin kaum muslimin

    Poe iue dinamian poe " JAIZAH " atawa poe " PERSENAN " urang tos cape, lapar, haus, nahan hawa nafsu ngalatih jiwa urang sabulan lamina kalawan sabar. Maka ayeuna Allah SWT. Bade masihan persenan, kulian kaurang kaum muslimin anu puasa. Sakumaha dauhan Kangjeng Nabi dina hadisna :


 


 

" Dina poe ieu Allah SWT. Ngutus para Malaikat ka tiap – tiap kota, maka turun malaikat – malaikat ka bumi, narangtung , ditiap – tiap parapatan, bari ngagero anu tarik pisan, kakuping kusakabeh mahluk Alloh Swt. Anging jin jeung manusia.

" Heh umat Muhammad geura kaluar maraneh kabeh, ka pangeran Maraneh, anu Maha Mulya anu hente ngabeda – beda , Maha Murah anu hente memilah - milah, Maha Kasih, anu hente pilih kasih, anu bakal masihan pahala anu seueur pisan jeng bakal ngahampura dosa – dosa "

    Maka nalika kaum muslimin tos kumpul dimasing – masing tempat solatna, maka Allah Swt. Ngadawuh : " Heh malaikat – malaikat Kami Naon balasannana kaom buruh dimana ges nyalsekeun pagaweannana? Malaikat Ngawaler : " Ya ! Pangeran kami! balesanana teu aya sanes. Gusti kedah nyampurnakeun Persenanana ( THR NA ) .

    Allah ngadauh deui : Heh para Malaikat! Saksikeun kumaraneh yen Kami geus nyadiakeun Pahala Pikeun Jalma – jalma anu Paruasa di bulan Ramadhan jeung tarawehna, jeung witirna, nyaeta karidoan ti Kami jeng Ampunan Kami. Subhanallah.

" Heh! Hamba Kami ! Pek geura menta naon wae ka Kami. Demi Kamulyaan kami, Kaagungan Kami, Kamurahan kami, naon anu diparenta ku maraneh dina poe ieu, keur kapentingan akherat bakal dicumponan, jeng kangge kapentingan kaduniaanmah rek timbang heula mana anu leuwih hade."

" Pek geura bubar maranaeh kabeh kalawan menang ampunan ti Kami, maraneh geus ngaridokeun ka Kami, jeung Kami Geus Rido ka maraneh kabeh."


 

ALLAHU AKBAR - ALLAHU AKBAR - ALLAHU AKBAR

Tipeuting Tadi, dugi kaisuk ieu Urang Sadaya Kaum Muslimin parantos nyeeurkeun Takbir, tahmid, sareng tahlil, kalayan dibarengan ku hate anu ikhlas bari ngalakukenna ku kagumbiraan tandana urang syukuran ka Allah SWT sebab urang tos meunang dina berperang anu maha dahsyat nyaeta ngalawan hawa nafsu anu senantiasa ngarong rong bade ngaruksak ibadah urang sabulan penuh. Rasul parantos ngadawuh dina hadisna :


 


 

" Rameken ku aranjeun, poe – poe lobaran aranjeun ku Takbir, Tahlil, sareng Tasbis "

Dina takbiran urang ngaos "


 


 


 


 

" Henteu aya deui Pangeran anging Alloh, Anu Maha Esa, Allah eta jangjina bener, bakal nulung ka HambaNa jeung bakal ngamulyakeun Pejuang – pejuang anu ngabela agamaNa, jeung Allah bakal nagcurkeun musuh – musuh islam."


 

Jadi jelas, yen eusi takbiran anu kuurang sok dibaca tiap – tiap lobaran teh , teu aya sanes maksudna supaya umat islam salamina gede hate, ulah pesimis jeung putus harepan, ulah sieun, ulah keueung dina ngagungkeun kalimat Allah, berjihad menegakkan kalimat Allah anu Mulya dimuka Bumi ieu. Karena Allah SWT. salamina tetep bakal nulungan ka urang sdayana, asal urang bener – bener ikhlas, dina ngalaksanakeun parentah – parentah Allah SWT.


 

ALLAHU AKBAR - ALLAHU AKBAR - ALLAHU AKBAR

Para Hadrin kaum muslimin !

    Nyakitu deui urang syukur Alhamdulillah tos tiasa ngaluarkeun Zakat Fitrah ka Panitia anu eta zakat pitrah teh tos dibagikeun ku panitia ka anu berhak menerimana ( mustahikna ) Nya ieu anu nunjukkeun simpati urang ka Pakir Miskin. Pakir miskin tiasa menikmati indahna iedul fitri, nyenangkeun putra – putrina.

Tah ieuteh mangrupakeun buah hasilna puasa bulan Romadon. Karena puasa urang moal ditarima, lamun ngaluarkeun Zakat Fitrah.

Sakumaha dawuhan Nabi :


 


 


 

    " Puasa bulan Romadhon eta ngagantung antara langit jeung bumi, moal waka diangkat anging kudu ngaluarkeun zakat fitrah."


 

ALLAHU AKBAR - ALLAHU AKBAR - ALLAHU AKBAR

Para hadrn sidang ied anu mulya

    Nyakitu deui urang kedah syukur Alhamdulillah dina poe ieu urang tiasa make pakean weuteuh, baju weteuh, samping weuteuh, kopeah weuteuh, sandal weuteuh jeng sajabana. Iue sadayana Nikmat kurnias to Allah SWT. Mung Allah ngajelaskeun ka urang sadayana, supaya urang ulah mung mentingkeun pakean lahir wungkul, saba aya anu leuwih ti eta.

Sakumaha dauhan Allah SWT. :


 


 


 


 

" He Umat manusia! Kami geus nurunkeun pikeun maraneh kabeh pakean pikeun nutupan aurat maraneh, jeung jadi papaes kana badan maraneh, tspi sys deui pskesn snu leuwih alus ti eta nayeta " LIBASSUT - TAQWA ", pakean taqwa eta leuwih alus. "


 

Hadirn kaum muslimin sidang ied anu mulya

    Urang henteu dilarang make pakean serba weuteuh malah dinajurkeun, ngan urang disamping make pakean weuteuh, bersih, serta dilengkapi ku bergai seuseungitan, ulah hilap batin urang oge kedah leuwih bersih, bersih tina syirik, dengki, takabur sareng sajabina, Akhlak urang tingkatkeun, inget kafakir miskin, yatim piatu, anu teu kuateun meser pakean weuteuh.


 

Sala sawios ulama magdauh kiyeu :


 


 

" Lebaran eta lain ku pakean weuteuh, lain ku loba dahar daging, tapi sabener – benerna lebaran teh nyaeta anu ibadahna, amal baktina, jeng akhlakna tambah jeung tambah sieun ka Allah SWT."


 

Hadirn kaum muslimin sidang ied anu mulya

Lamun hate urang tos bersih, bersih dina sifat sombong, bersih dina sifat syirik, bersih dina sifat takabur serta bersih dina rereged kamusyrikan sareng kakufuran, maka pakean naon oge anu dipake eta bakal pantes

Sakumaha ahli syair nyarioskeun kiye.

    
 


 


 

" Lamun jalma geus bersih jiwana tina sifat – sifat kagorengan, maka pakean kumaha wae oge alus "


 

ALLAHU AKBAR – ALLAHU AKBAR – ALLAHU AKBAR

Hadirn kaum muslimin sidang ied anu mulya

    Hikamtna diayakeun / dirayakenana Lebaran nayaeta peringatan pikeun urang, kana poe akherat.

Dina poe lebaran ieu urang tiasa nyaksian, macam – macam tingkah laku manusia dina ngarayaken poe lebaran. Aya anu leumpang, aya anu naek motor, aya nu naek mobil , aya anu mewah, aya anu ginding, aya anu sederhana, bahkan aya anu kumal. Aya anu saleserian gumbira, aya anu sedih, malahan aya anu ceurik bari sedih.

Eta sadayana kudu jadi pelajaran pikeun urang, inget kana poe akherat. Sabab diakherat oge bakal kitu, mung diakheratmah bedana. Lamun di duniamah diukurna ku duit, nuloba duit eta nu ginding rebo ku perhiasan. Ari di akheratmah diukurna ku iman, sing saha jalma anu iman jeng takwana kuat, eta nu bakal ginding, mewah sanajan diduniana malarat, balangsak, hneteu ginding, henteu tutumpakan, sabalikna sanajan beunghar, ginding, mewah di alam dunyya, lamun manehna teu mawa iman, maka diakherat bakal malarat. Tah urang tinggal milih jeng nafakuran.

Naha urang hoyong benghar jeng senang di dunia dugi ka akherat ?

Hoyong benghar di dunia wungkul ? di akherat malarat ?

Naha hoyong benghar diakherat wungkul di dunya malarat ?


 

Firman Allah:


 


 


 

" Dina poenan kami ngagiring mapag jalma – jalma anu trakwa. Ziarah ka Allah, Arrohman marake tutunggangan, jeung dina poe eta keneh kami nyered jalma – jalma anu daroraka ka Naraka Jahanam, bari jeung araus."


 

    Urangmah selaku kaum muslimin henteu cukup ngan saukur sugema lebaran didunia wungkul, tapi kudu hayang lebaran diakherat . sabab naon hartina urang lebaran senang – senang di dunya tapi di akherat susah.


 

Hadirn kaum muslimin sidang ied anu mulya

    Hayu uarang dipoe leabaran ieu silih maaf dina samudaya kalelepatan lahir miwah batin, akur jeung tatangga, akur jeng dulur, pamili, baraya, sasama muslim, karena pahala na gede pisan, leuwih ti solatsunnat, sidekah sunnat, atani puasa sunnat. Sakumha pidauh Nabi :


 


 


 


 


 

     " Naha aranjeun hayang dipasihan terang anu leuwih mulya ti batan puasa, solat, sidekah sunat, nyaeta ngakurkeun ti antara aranjeun. Sebab rusakna padamelan itu mawa rusakna agama. Agama bakal kacau, lamun urang sasama muslim ribut wae."


 

Hadirin kaum muslimin sidang ied anu mulya

    Urang anu geus meunang karidoan ti Allah, kade ka goda ku setan deui, bebas nginum arak, bebas piknik, bebas berpoya – poya, ngawur – ngawur duit, Bebas berjudi bebas bergaul jeng istri – istri anu lain mahrom, melanggar hukum – hukum Allah, jeng melanggar hukum negara. Sabab lamun urang dina poenan lebaran ges wani berbuat maksiat, sarua jeng halodo sataun bisa baseh jeng banjir kuhujan sajam.jeng lamun urang wani – wani berbuat maksiat dina poenan lebaran, saolah – olah arang wani maksiat dina poe akherat di padang mahsyar. Sakumaha dauhan Nabi SAW :


 


 


 

    " Sing saha jalma anu wani – wani maksiat di poe lebaran, seolah – olah manehna wani maksiat di poe akherat di padang mahsyar. Naujubillah suma naujubillah.

    Kumargi kitu hayu urang saatosna beres hutbah lebaran ieu, urang silih doakeun, silih hampura dina sagala dosa antara urang mahluk jeng mahluk, sebab dosa urang moal dihampura ku Allah lamun urang masih boga keneh dosa antara sasama mahluk ( hablumminannaas ) .

    Mudah – mudahan Allah masihan kaberkahan dipoe lebaran ieu , Narima amal ibadah urang, rido kaurang sadayana amin. Ya robbal alamien.


 

 

0 komentar:

Posting Komentar

 
Copyright Artikel, Skripsi 'N Tesis 2009. Powered by Blogger.Designed by Ezwpthemes .
Converted To Blogger Template by Anshul .